Sanggem Asma: "He Rasulullah ! sim kuring teh utusan ti wanita-wanita ka salira ; saestuna Gusti Allah ngutus anjeun teh ka kaom pria sareng kaom wanita sadayana ; tapi naha abdi golongan wanita bet teu laluasa lumaku , ukur ngurus imah, sareng jadi tempat ngudalkeun birahi aranjeun, sareng ngandung putra-putra aranjeun ; sedengkeun aranjeun mah kaom pria mentingkeun golongan aranjeun batan wanita dina kukumpulan jeung majemuhan, jeung ngalayad nu udur, nyaksian jinazah, munggah haji sanggeus munggah haji ; malah dina perkara anu leuwih afdol batan eta, nyaeta perang dina jalan Allah nu maha mulya. Upama salasa-urang ti ti golongan aranjeun indit munggah haji jeung umroh, atawa indit ka pangperangan, abdi mah kaom wanita ukur mangjagakeun hartabanda aranjeun, jeung mangninunkeun baju-baju aranjeun, jeung manguruskeun anak-anak aranjeun ; naha abdi sadaya teu aya hak marengan aranjeun dina eta ganjaran sareng kahadean ?"
Mangka Rasulullah melong ka para sahabat teras sasauran: "Naha aranjeun kungsi ngadenge tuntutan wanita anu leuwih hade batan tungtutan nu di bawa ku Asma dina urusan agamana?"
Saur para sahabat : "He Rasulullah ! abdi sadaya teu nyana yen aya wanita nu boga pikiran nepika lebah dieu !"
Mangka Rasulullah ngareret ka Asma teras sasauran : "Fahamkeun ku maneh he Asma, jeun bejaan ku maneh wanita-wanita nu aya di satukangeun maneh, yen to'atna wanita ka salakina jeung neangan karidoan salakina sarta nuturkeun kasaluyuan salakina, eta leuwih alus batan tuntutan nu dibawa ku maneh:.
Teras Asma mulangberi maca lailaha illallah, barang datang ka hareupeun wanita-wanita kaomna golongan Arab, teras Asma ngebrehkeun naon-naon nu disaurkeun ku Rasulullah s.a.w., sarta para wanita teh barungah jeung ariman kabehanana".
Sumender kana eta riwayat, tetela wanita
anupanghadena teh nyaeta anu toweksa ngurus rumah tanga lantaran to'at jeung
ngaharep karidoan salaki, najan ku batur sok disebut wanita "kurung
batok".
Sarta teu bisa disebut hade, lamun wanita cul rumah tangga, salaki dikaulaan ku babu, najan pikeun perjuangan bari meunang gelar Srikandi Islam ti papada jalma.
Sarta kaasup wanita anu utama lamun perjuangan luar rumah tangga kagarap, rumah tangga kaurus bari salaki mikarido, sanajan teu meunang gelar Srikandi ti papada jalma.
Ringkesna mah, garis anu digoreskeun ku agama wates pertanggung jawab wanita anu pengbeuratna nyaeta rumah tangga, disagigireun pertanggung jawab luar rumah tangga. sarta teu bisa disebut salah lamun wanita teu bisa lunta kaluar disababkeun ku nyanghareupan rumah tangga ; malah perjuangan wanita dijero rumah tanga mah bisa disbut fardhu aen, sedan di luar rumah mah fardhu kifayah.
Agama teu ngalarang wanita ancrub kana widang kamiliteran, jadi juru penerang jst., parandene kitu tetep teu meunang lepas tina kawanitaan nu geus ditangtukeun ku agama.
terjemah : Bahasa Indonesia
Ny. Rokajah Sjarief
Risalah No. 9 Tahun III
Mei 1964

Post a Comment